Rabu, 10 November 2010

Ijazah Ulah Jadi Andelan Hiji-hijina


Hiji naséhat dina hiji waktu diucapkeun guru simkuring, Bapa H. Ihin Solihin, Lc.: “Maranéh téh geus garedé, téréh lulus jadi sarjana. Tah kusabab kitu maranéh kudu geus boga planning anu jelas. Ulah rék ngandelkeun ijazah wungkul, kumaha lamun éta ijazah sarjana kaduruk atawa palid? Maka nu alus mah ulah jadi karyawan jeung pagawé, tapi boga karyawan jeung pagawé.”


Ayeuna téh pengusaha di Indonesia ukur 1,9 %, sésana buruh jeung pagawé. Peluang masih kénéh lega jeung pola pikir kudu buru-buru diganti kucara loba gaul jeung para pengusaha. Pan ari hayang pinter gaulna kudu jeung nu pinter, hayang seungit kudu gaul jeung tukang minyak seungit, kitu deui dimana hayang beunghar kudu loba gaul jeung nu beunghar. Lain ngala hartana, tapi ngala mind-sét na alias struktur berpikirna.


Terus, masih saur anjeunna, mun kuring ngomong kieu téh ulah ngan ukur uhun ayeuna ari balik poho, tapi buru-buru laksanakeun. Pek ti nol, sing sabar, leukeunan, rek kana naon we eta mah, kumaha life skill masing-masing, naha dina bidang pertanian, teknologi informasi, pendidikan, kadaharan, jeung sajabana. Bari ulah loba ngalamun tapi bertindak anu nyata. Da atuh percuma boga semangat, boga planning hadé, tapi pelaksanaannana teu kaur hég.


Panungtung, saur anjeunna kénéh, kahadé manajemén jeung sistem kudu alus jeung kudu tegas supaya usaha urang salawasna aman.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar