Kamis, 11 November 2010

Nyanghareupan Masalah


Al-Qur’an ngajarkeun dina surat Al-Insyirah (94) ayat 7-8 yén réngsékeun heula pagawéan nu hiji, geus réngsé nu hiji, anu digambarkeun ku kecap (فرغت) nyaéta jeda waktu, dimana kaayaannana tenang/plong saréngséna aya dina kasibukan, pék nincak kana pagawéan satuluyna. Mun ieu ayat diamalkeun, moal aya istilah bingung, moal aya basa kieu salah kieu lain, moal aya paribasa kawas ngarawu ku siku. Nu jadi matak pagawéan teu anggeus-anggeus. Dina anggeusna ogé awut-awutan, rapih ku rapihna.

Ieu ayat ngajarkeun sikep fokus dina milampah hiji pagawéan, leukeun tepi ka réngsé kalayan bener. Tuntas nu hiji nembé kanu satuluyna. Mun dina basa atikan mah, sistematis. Naon nu didugikeun ku Al-Qur’an ieu saluyu sareng sifat manusa. Kalolobaannana manusa teu mampu nyanghareupan rupa-rupa pagawéan dina sawaktu bari carana hadé tur mantep. Bisa jadi lamun maksa, éta rupa-rupa pagawéan teu tepi kana hasil anu alus, saperti anu diharepkeun.

Bisa dipaham ku urang nalika urang ngalaman sorangan. Da éstuning karasa bédana migawé pagawéan ku cara dirameuh-rameuh, atawa hiji-hiji tapi kurang pas ngurutkeunnana, jeung dihanca hiji-hiji bari alus urutannana.

Naha ari kamampuan terbatas, tapi kalolobaan manusa migawe pagawéan téh sok dirameuh-rameuh? Alesana mah boh pédah didadak atawa bakat hayang téréh réngsé. Kapan ari manusa mah dititipan nafsu. Memang ceuk kahayang mah kabéh masalah réngsé sakaligus. Ceuk paribasa: dalam hati ingin memeluk gunung, apa daya tangan tak sampai.

Tapi lamun diteleban, daripada teu kuat mindahkeun taneuh sagunung sakaligus, terus dicobaan tepi ka béak tanaga, leuwih hadé pindahkeun saroda-saroda.

Teu kurang pentingna, dina nyanghareupan masalah urang kudu apal naon ari masalah téh. Ceuk dosén simkuring nu dingaranan masalah téh nyaéta: Kesenjangan antara harapan dengan kenyataan. Ari hémat simkuring, berarti nyanghareupan masalah hartina usaha sangkan kényataan tepi kana harepan.

Masalah bisa bae ngandung unsur pangwangun anu loba tur silih pakait. Kusabab kitu, lengkah kahiji urang kudu apal atawa nga-identifikasi heula masalahna, sahingga jelas naon baé unsur pangwangunna. Mun geus katenjo, tangtukeun timana heula, atawa unsur mana heula nu kudu diréngsékeun. Réngsé nu kahiji kanu kadua jeung saterusna.

Ngan di dieu aya oge pamikiran séjén anu leuwih dasar, yén unsur masalah anu kudu diréngsékeun tiheula nyaéta sagala hal anu aya pakaitna jeung diri sorangan. Mun dibasakeun deui kana bahasa anjuran mah, heulakeun faktor internal nembé ngalincak kana faktor eksternal. Sabab naon, percuma hiji jalma usaha naker, upamana baé ngaréngsékeun berkas pagwéannana nu numpuk di kantor, tapi manéhna ngarasa kapaksa sabab teu ngaheulakeun mupus rasa hoream nu ngancik dina dirina sorangan.

Kitu numutkeun sistematikana. Ari tina segi kejiwaan, dina nyanghareupan masalah kudu tenang, tur sumerah, ulah riweuh, malah mah kudu aya salawasna dina haté anu tengtrem tur genah. Haté bakal tenang kalawan dzikir ka Allah. Sing inget, ngan ku nginget Allah (dzikrullah) haté jadi tengtrem (Q.S. Ar-Ra’d [13] ayat 28). Pituduh moal datang kana pikiran anu riweuh. Pituduh lir ibarat cahaya, cahaya moal tembus kana kaca anu bobolokot ku kokotor, kokotor na mah rék dosa urang atawa kariweuh urang.

Tuluy deui dina Surat Al-Baqarah (2) ayat 45: Jeung pénta pitulung kalayan ku sabar jeung shalat, jeung saenyana nu kitu téh banget beuratna, kajaba keur jalma-jalma anu husu. Ari jalma anu milampah shalat kalayan sampurna téh nyaéta anu sumerah diri jeung tenang haténa, anu ngado’a kalayan bener-bener. Ari sabar éta cerminan jalma-jalma anu teu bosen kasab. Hartina do’a dibarengan ku usaha anu dilandasan ku kasabaran. Tapi duanana banget beuratna, kajaba jalma-jalma anu husu. Jalma anu husu téh anu bisa fokus jeung cuék. Ngeunaan fokus jeung cuék atawa tak acuh penjelasanna tiasa dibaca dina Élmu Lér Jeun.

Pituduh bakal datang, karana haté geus beresih, pikiran geus tenang. Ieu saluyu pisan jeung kaayaan manusa anu salilana moal pisah jeung nafsuna. Nafsu bakal nyegah kana pituduh, tapi sing inget ogé yén nafsu ogé bakal nganteur kana pituduh, gumantung nafsu nu mana nu ngawasa kana diri, naha nafsu amarah, lawamah atawa nafsu muthmainah. Jeung ari nafsu muthmainah éta nafsu anu ngadorong kana milampah kahadéan.

3 komentar:

  1. sae kacida a artikelna, mdh2n tiasa masihan manfaat khususon pkeun diri ane a, diantos khadiran buku2 hsil buah karyana :)

    BalasHapus