Senin, 29 November 2010

Moal Ngarti Bener, Kajaba Dilaksanakeun


Geus teu anéh paribasa: Experience is the best teacher! Dina facebook, dina blog, dina pidato-pidato. Bakat teuing ku teu anéhna, dugi ka seueur nu ngagampangkeun, tuluy poho kana harti nu sabenerna. Teu benten sareng kajadian kieu, bakat teuing ngarénghap jeung ngiceup terus-terusan unggal detik, tepi ka kalolobaan manusa hilap kana manfaatna anu ageung. Experience is the best teacher! Ieu kalimah énténg, tapi saenyana purakeun kénéh. Dina buku Melvin L. Silberman, nu judulna Active Learning, halaman 23, dijéntrékeun yén leuwih ti 2400 tahun ka tukang, Konfusius nganyatakeun tilu hal, kieu:

Yang saya dengar, saya lupa

Yang saya lihat, saya ingat

Yang saya kerjakan, saya pahami

Ari guru nu pangalus-alusna nyaéta nu matak ngarti dimana ngajarkeun hiji hal. Kunaon disebut experience is the best teacher, nu hartina pengalaman adalah guru terbaik?

Hiji hal bakal disebut kaalaman lamun geus pernah kalaksanakeun. Upamana aya jalma manggih sababaraha kalimah anjuran dina buku atawa dina website. Éta kalimah-kalimah teu ukur dibaca, ditulis jeung diinget-inget, tapi tuluy prak dilaksanakeun. Tah ti saprak éta anjuran dilaksanakeun, maka jadi pangalaman. Kadituna mun geus prak ngalaksanakeun sok daratang kana pikiran persepsi anu béda-béda. Upamana anjuran kahiji mah saluyu jeung pikiran, nu kadua leuwih-leuwih, tapi nu katilu mah kalah patukang tonggong jeung pamikiran. Patukang tonggong na mah badé kusabab beurat teuing atawa memang kurang saluyu jeung karakter nu ngalaksanakeunnana.

Upama saluyu, bakal nguatan kana ngalaksanakeun kalawan istiqamah. Upama patukang tonggong, bakal nimbulkeun sikep kritis. Duanana ogé positif.

Matak bener naon anu ditegaskeun ku Konfusius dina kalimah na nu katilu: “yang saya kerjakan, (itu yang) saya pahami”. Hartina nu dipigawe eta nu kaharti.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar