Rabu, 27 Oktober 2010

Élmu Lér Jeun


Lér Jeun, upama dibasa-Indonesia-keun hartina cuék atawa tak acuh. Mun ditilik sakolébat ieu kecap lér jeun ngagambarkeun sikep nu négatif, teu dipikaresep ku umum, saupama pagawé anu lér jeun kana pagawéannana, atawa pamingpin nga-lér jeun-keun rahayatna. Pikiran jeung perasaan anu murni, tapi naliti sakolébat, moal nyatujuan kana tingkah lér jeun, sabab kabayang mantén yén ieu sikep bakal mawa kana papaséaan, kasangsaraan jeung pegat silaturahmi.


Kitu pandangan anu sakolébat. Tapi lamun nalungtikna leuwih lega, ieu tingkah lér jeun teu weléh mawa manfaat anu kacida gedéna dina kahirupan sapopoé. Bisa jadi madarat bisa oge manfaat, gumantung kana naon nerapkeunana. Saupama sarung, bisa méré manfaat bisa ogé méré madarat kanu makéna, gumantung dipaké naon éta sarung, naha dipaké ibadah atawa dijadikeun hahalang tiris hareupeun méja judi. Kuayana kitu, kudu kumaha nerapkeun sikep lér jeun ieu sangkan malik méré manfaat?


Sikap lér jeun bakal méré manfaat anu nyata nalika diterapkeun kana panyakit haté. Rasa horéam, mang-mang, sieun, ambek, panasan haté ku kaayaan batur, adigung, rendah diri, ngamusuh, ngarasa dosa tuluy-tuluyan, ngarasa tunggara padahal teu guna, kasengsrem ku kahayang nu teu diusahakeun, ieu kabeh teh sababaraha ti antara panyakit haté anu kudu dijauhan, pangheulana kucara cuék atawa tak acuh. Tah nalika nyanghareupan panggoda sétan anu mawa lemah kana diri model kieu diterapkeunna sikep lér jeun mah.


Naha diterapkeunna pangheulana? Ari sikep lér jeun, dina harti cuék atawa tak acuh éta sikep anu bisa ngabela diri kalawan téréh, teu kudu mikiran nanaon, naha motivasi boh daya pikir nu kudu dijadikeu taméng atawa kakuatan pikeun nahan gogoda, sabab cuék hartina putus hubungan, nu ngaranna putus hubungan musuh rék nyerang sakumaha nakerna oge moal keuna, musuh rék ngahalangan sakumaha kerepna oge ngeplos. Dalah kumaha deui, hubungan tos teu aya, rék kitu rék kieu sagalana ngalir sewang-sewangan. Dina lér jeun aya sifat teu malire, teu ngalayanan, malah teu inget-inget acan, dina ingetna oge sakolébat da teu aya rasa katarik jeung paduli.


Ciri diri bebas tina gogoda nu mawa lemah ka diri teh lain kudu téréh dina migawé hiji hal, atawa cicing dimana digebrag, tapi teu gedag. Hartina kuat téh panceg nincak dina prinsip anu bener. Upamana hiji jalma mingpin hiji proyek pangwangunan, éta jalma anteng najan cicing di puseur situasi politik anu harénghéng, teu buru-buru, teu ngurangan kana jatah gawé pedah dibibita ku buruh, ogé teu ngarandeg pédah kaancam, da manehna nekad kudu ngagawéan eta proyék tepi ka réngsé dina waktuna tur hasilna bener. Kayakinan anu bener geus mageuhkeun prinsipna yén pangwangunan nu keur dipingpinna keur kapentingan rahayat, lain keur kapentingan golongan.


Di sagigireun keur mutuskeun hubungan jeung gogoda, sikep lér jeun ogé bisa diterapkeun keur mokuskeun pikiran. Geus pada nyaho, upama mobil hayang gancang naék dina tanjakan ulah loba teuing beban. Tah kitu ogé dimana pikiran séjén, komo anu ngarugikeun bisa dipegatkeun, bakal ngaringankeun kana proses berpikir jeung digawé. Hal ieu bisa ogé diterapkeun dina shalat amih husu.