Rabu, 08 Desember 2010

Jadi Pelopor


Bisa jadi nu kapikir pangheulana saba’da maca judul tulisan ieu, yén pelopor téh nyaéta jalma-jalma terpilih nu ngajaléjér di barisan hareup, tur di tukangna pagelek-gelek jalma, ti golongan rahayat leutik, loba pisan pada naluturkeun. Tuluy bé kadituna ngarasa wegah. Pasti wegah lamun anjuran “sing jadi pelopor” bieu, dina pikiran urang ditafsirkeun tunggal modél di luhur. Komo keur rahayat biasa modél kuring mah. Kusabab kitu ulah tunggal ngagambarkeunnana, da singhoréng jadi pelopor téh teu ukur di wilayah nasional atawa daérah, tapi dina jero kahirupan masyarakat anu pangleutikna ogé bisa jadi pelopor mah. Malah dina gaul padu duaan gé jadi.

Naon atuh pelopor téh? Kudu jadi pelopor, hartina urang kudu bisa mawa, bisa ngawarnaan ka batur, sok sanajan babaturan atawa dulur hiji-hijina. Mawa jeung ngawarnaan kana naon? Tangtu lain kana kaawonan, tapi kana kahadéan, dina widang naon wé éta mah.

Masing ukur ka saurang, bari ngawarnaannana saeutik, ulah jadi ngarasa can nyieun kahadéan naon-naon. Sing inget, kahirupan sosial teh lir ibarat mobil. Urang teu kudu jadi mesinna waé, da jadi baud sasiki gé gedé gunana.

Jeung sing inget, yén moal bisa urang ngawarnaan ka batur lamun diri sorangan can boga warna. Badé nyerat kumaha lamun pulpén teu aya mangsian. Hartina, jadi pelopor lain ukur ku ucap wungkul, tapi dibarengan ku lampah jeung tekadna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar